BENING HATI LURUS AMALAN

Seutama-utamanya berdzikir membaca Al-Quran

Jumat, 15 April 2011

HIDAYAH JEUNG KASASARAN: PANGERSANING ALLOH

Tafsir Q.S. Al-Isra: 97
وَمَنْ يَهْدِ اللَّهُ فَهُوَ الْمُهْتَدِ وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَنْ تَجِدَ لَهُمْ أَوْلِيَاءَ مِنْ دُونِهِ وَنَحْشُرُهُمْ يَوْمَ الْقِيَامَةِ عَلَى وُجُوهِهِمْ عُمْيًا وَبُكْمًا وَصُمًّا مَأْوَاهُمْ جَهَنَّمُ كُلَّمَا خَبَتْ زِدْنَاهُمْ سَعِيرًا (97)
Tarjamahna: “Jeung singsaha jalam anu dipaparin pituduh ku Alloh, mangka manehna meunang pituduh. Jeung singsaha jalma anu disasarkeun ku Mantenna, mangka sakali-kali Anjeun moal manggihan anu pada nulungan keur maranehannana lian ti Mantenna. Jeung kami baris ngumpulkeun maranehannana dina poenan kiamat (disered) beungeut maranehannana dina kaayaan lolong, pego jeung torek. Tempat nganjrek maranehannana Naraka Jahanam. Saban-saban gedur seuneu jahanam eta arek pareum, kami tambahan deui pikeun maranehannana gedur hurungna”.
واخرج ابن جرير عن الحسن رضي الله عنه قال : « قرأ رسول الله صلى الله عليه وسلم هذه الآية { الذين يحشرون على وجوههم } [ الفرقان : 34 ] الآية . فقالوا : يا نبي الله وكيف يمشون على وجوههم؟ قال : أرأيت الذي أمشاهم على أقدامهم؟ أليس قادراً على أن يمشيهم على وجوههم؟؟ . . . » . وجاء في الحديث: "إنهم يتقون بوجوههم كل حدب وشوك" .
Parantos ngariwayatkeun Ibnu Jarir ngalangkungan Al-Hasan, anjeunna cacarios:Rasulullah saw. parantos maos ayat ieu, “Jalma-jalma anu dikumpulkeun ka Naraka Jahanam kalayan disered beungeut-beungeut maranehannana, mangka maranehannana jalma anu paling goreng patut tempatna jeung paling sasar jalanna” (Q.S.Al-Furqan: 34). Aranjeunna tetelepek, “Ya Nabiyalloh, kumaha cara maranehannana leumpang ku beungeut-beungeutna?” Kanjeng Nabi dadawuh, “Naha Anjeun nitenan  anu ngaleumpangkeun maranehannana ku Sararukuna?naha teu aya kamampuan (Alloh) pikeun ngaleumpangkeun maranehannana ku beungeut-beungeutna?”(As-Sayuthi, Ad-Durul Mantsur,VI, t.t. : 324).Parantos dongkap katerangan dina hadits:”Saestuna maranehannana sieun ku beungeutna satiap aya tapak jeung kacocog cucuk”(H.R. At-Turmudzi,VIII: 579).
قام أبو ذر فقال: يا بني غفار، قولوا ولا تحلفوا، فإن الصادق المصدوق حدثني: أن الناس يحشرون على ثلاثة أفواج: فوج راكبين طاعمين كاسين، وفوج  يمشون ويسعون، وفوج تسحبهم الملائكة على وجوههم وتحشرهم إلى النار. فقال قائل منهم: هذان قد عرفناهما، فما بال الذين يمشون ويسعون  ؟ قال: يلقي الله، عز وجل، الآفة على الظهر حتى لا يبقى ظهر، حتى إن الرجل لتكون له الحديقة المعجبة، فيعطيها بالشارف ذات القتب، فلا يقدر عليها .
Abu Dzar ngadeg bari cacarios: “Yeuh Bani Ghifar! Pok cacarita poma ulah arek sulaya. Saestuna Kanjeng Nabi parantos cacarios ka kaula: Ari manusa kabagi tilu golongan: 1)  golongan anu tutunggangan bari barangdahar tur papakean, 2) golongan anu laleumpang  bari  dina kaayaan gancang leumpangna, 3) golongan anu disered beungeut maranehannana ku Malaikat tur dikumpulkeun kana Naraka”. Diantawis aranjeunna aya anu tetelepek, “Ari anu 2 golongan  abdi sadaya parantos apal, kumaha ari jalma-jalma anu pada laleumpang tur dina kaayaan gancang leumpangna?” Kanjeng Nabi ngawaler, “Alloh Azza wa Jalla maledogkeun (miceun) kalpaannana satukangeunnana sahingga teu aya anu nyesa di satukangeunnana nepikeun eta lalaki jadi ngapimilik kebon anu matak helok, tuluy manehna mere eta kebon ka jalma anu dipandang mulya tunggang  onta bari teu itungan kana pamerena”(Ibnu Katsir,V, 1999: 122).
قوله عز وجل : { ومن يهد الله فهو المهتدِ } معناه من يحكم الله تعالى بهدايته فهو المهتدي بإخلاصه وطاعته .{ ومن يضلل فلن تجد لهم أولياء من دونه } فيه وجهان :أحدهما : ومن يحكم بضلاله فلن تجد له أولياء من دونه في هدايته .الثاني : ومن يقض الله تعالى بعقوبته لم يوجد له ناصر يمنعه من عقابه .
Dadawuh Alloh Azza wa Jalla, “Wamay yahdillah fahuwal muhtadi”, hartosna singsaha jalma anu ditetepkeun ku Alloh Ta’ala dina hidayahNa, tanwande manehna jalma anu meunang pituduh nyaeta ikhlas ka Mantenna jeung to’at ka Mantenna.. {wamay yudllil falang tajida lahum awliya’a ming dunihi} dina ieu kalimah ngancik 2 sorotan: 1) Singsaha jalma anu ditetepkeun ku Alloh dina kasasarannana, tanwande moal manggihan  pikeun manehna anu pada nulungan lian ti Mantenna dina mere pituduh ka manehna. 2) singsaha jalma anu ditetepkeun ku Alloh Ta’ala dina siksaan Mantenna, mangka moal dipanggihkeun pikeun manehna anu nulungan sangkan ngahalangan tina siksanNa (Al-Mawardi, Tafsir An-Nuktu wa Al-‘Uyun, II, t.t,. : 452).
{ عُمْيًا وَبُكْمًا وَصُمّا } كما كانوا في الدنيا ، لا يستبصرون ولا ينطقون بالحق ، ويتصامّون عن استماعه ، فهم في الآخرة كذلك : لا يبصرون ما يقرّ أعينهم ، ولا يسمعون ما يلذ مسامعهم ولا ينطقون بما يقبل منهم . ومن كان في هذه أعمى فهو في الآخرة أعمى .
{umyaw wa bukmaw wa shumma”, “dina kaayaan lolong, pego jeung torek}sakumaha kaayaan maranehannana nalika di dunya, tara ieuh nitenan jeung cacarita anu haq, nongtorekkeun tina ngaregepkeun anu haq, nya maranehannna diakherat baris siga kitu: Maranehannana teu neuleu kana perkara anu ditetepkeun keur dititenan ku matana, tara ieuh ngareungeu perkara anu pini’mateun ku jejebirna, jeung tara daek cacarita kana perkara anu sakuduna katarima ku maranehannana. Mangka singsaha jalma anu lolong bonconong di dunya ieu, pinasti diakherat oge manehna baris lolong (Az-Zamakhsyari, Tafsir Aal-Kasyaf,III, t.t.: 484).
{ ومن كان فى هذه اعمى وَأَضَلُّ سَبِيْلاً } وقال صلى الله عليه وسلم « يموت الانسان على ما عاش ويحشر على ما مات عليه
{Jeung singsaha jalma anu lolong (hatena) di dunya ieu, pinasti di akherat (jaga) manehna baris leuwih lolong (oge)  jeung leuwih sasar tina jalan (anu bener)} Q.S. Al-Isra’: 72. Kanjeng Nabi saw. dadawuh, “Manusa maot dina kaayaan sakumaha hirupna, jeng manusa baris dikumpulkeun dina kaayaan sakumaha maotna” (Tafsir Ruhul Bayan, VII, t.t.: 296).
{ فهو المهتد } بصيغة الإِفراد حملا على لفظ { من } فى قوله { وَمَن يَهْدِ الله } وجاء قوله : { فَلَن تَجِدَ لَهُمْ } بصيغة الجمع حملا على معناها فى قوله : { ومن يضلل } .قالوا : ووجه المناسبة فى ذلك - والله أعلم - أنه لما كان الهدى شيئًا واحدًا غير متشعب السبل ، ناسبه الإِفراد ، ولما كان الضلال له طرق متشعبة ، كما فى قوله - تعالى - : { وَلاَ تَتَّبِعُواْ السبل فَتَفَرَّقَ بِكُمْ عَن سَبِيلِهِ } ناسبه الجمع .
{fahuwal muhtadi, mangka manehna meunang pituduh}kalayan wangun kecap dimufrodkeun (nuduhkeun kana hiji) dina kaayaan ngandeg lafazh {man, singsaha jalma}dina dadawuhNa {wamay yahdillah, jeung singsaha jalma anu dipaparin pituduh ku Alloh}, sareng dongkap dadawuhna {falang tajida lahum, mangka moal manggihan pikeun maranehannana}kalayan nwangun kecap jama’ dina kaayaan ngandeg ma’na dadawuhNa {wamay yudllil, jeung singsaha jalma anu disasarkeun}. Para ahli tafsir cacarios: perhubungan kasarasian (korelasi) dina ayat eta – Alloh anu langkung uninga – numutkeun anu geus bukti ari pituduh ngan hiji perkara, teu ngarancabang pirang-pirang jalan, numawi Mantenna nyarasikeun ku kecap mufrod (nuduhkeun kana hiji). Jeung ari numutkeun anu geus bukti ari kasasaran eta mibanda loba jalan anu ngarancabang, sakumaha dina dadawuh Mantenna, “Poma aranjeun ulah arek nuturkeun pirang-pirang jalan,  akibatna ngarucahkeun  aranjeun tina jalan Mantenna(Q.S. Al-An’am: 153) (Sayyid Thanthawi, At-Tafsir Al-Wasith, I, t.t. : 2677).
أن هذا الحشر في بعض أحوال القيامة بعد الحشر الأول . قال مقاتل : هذا يكون حين يقال لهم : { اخسؤوا فيها وَلاَ تُكَلِّمُوْنِ } [ المؤمنون : 108 ] فيصيرون عمياً بكماً صماً لا يرون ولا يسمعون ولا ينطقون بعد ذلك .
Saestuna dikumpulkeun didieu dina sabagian kayaan poenan kiamat saba’da dikumpulkeun anu kahiji. Muqotil nyanggem, “Ieu kaayaan nalika diomongkeun ka maranehanana {Prak cicing dina kaayaan hina di jerona  jeung poma aranjeun ulah cacarita jeung Kaula} (Q.S. Al-Mu’minun: 108) (Ibnul Jauzi, Tafsir zadul Masir, IV, t.t. : 196).
عن ابن عمر رضي الله عنهما قال : قال رسول الله صلى الله عليه وسلم : « الدنيا خضرة حلوة؛ من اكتسب فيها مالاً من غير حله وأنفقه في غير حله ، أحلّه دار الهوان . ورُبَّ متخوض في مال الله ورسوله له النار يوم القيامة . يقول الله : { كلما خبت زدناهم سعيراً } » .
Katampi ngalangkungan Ibnu Umar ra. anjeunna cacarios: Rasululloh saw. dadawuh: Ari alam dunya eta tempat pikareueuteun. Singsaha jalma anu ngusahakeun di dunya harta lian ti anu halal keur manehna jeung ngabalanjakeun lian ti anu dihalalkeun keur manehna, pinasti Allah ngahalalkeun keur manehna tempat anu hina-dina. Loba jalma anu ngagebruskeun harta Alloh jeung RasulNa, pikeun manehna Narakan dina poenan kiamat. Alloh Ta’ala dadawuh, “Saban-saban gedur seuneu jahanam eta arek pareum, kami tambahan deui pikeun maranehannana gedur hurungna”(As-Sayuthi, Tafsir Ad-Durul Mantsur, II, t.t. : 324).
-1الهداية والاضلال بيد الله فيجب طلب الهداية منه والاستعاذة به من الضلال .2- فظاعة عذاب يوم القيامة إذ يحشر الظالمون يمشون على وجودهم كالحيات وهو صم بكم عمي والعياذ بالله تعالى من حال أهل النار .3- جهنم جزاء الكفر بآيات الله والانكار للبعث والجزاء يوم القيامة .-4 دليل البعث عقلي كما هو نقلي فالقادر على البدء ، قادر عقلاً على الإعادة بل الاعادة -عقلاً- أهون من البدء للخلق من لا شيء .
Faidah Ayat: 1) Ari hidayah jeung kasasaran mungguhing Panangan Alloh, mangka wajib nyuprih hidayah ti Mantenna jeung neda panyalindungan ka Mantenna tina kasasaran. 2) Banget rohaka siksaan di akherat nalika dikumpulkeun anu pada zholim dina kaayaan laleumpang ku beungeut-beungeutna lir hirup dina kaayaan torek, pireu jeung lolong. Urang neda panyalindungan ka Alloh tina kayaan ahli Naraka. 3) Ari Jahanam eta wawales kufur kana Ayat-Ayat Alloh, mungkir kana poenan dihudangkeun roh jeung jasad, jeung mungkir kana wawales dina poenan kiamat. 4) Ari dalil poenan dihudangkeun deui katarima ku akal sehat (logik) sakumaha dumasar dalil naqli Anu Kawasa nyiptakeun ngawitan, tinangtos dumasar kana akal kawasa pikeun mulangkeun deui, malahan ari mulangkeun deuina- dumasar akal- eta leuwih enteng tinimang ngamimitian nyiptakeun manusa anu tadina teu aya (Prof. Abu Bakar Al-Jaza’iri, II, t.t. : 366).
( Ngarupakeun Dadaran di Masjid Al-Ittihad Kompleks Pasanggrahan Indah Ujungberung - Bandung )

Tidak ada komentar: