BENING HATI LURUS AMALAN

Seutama-utamanya berdzikir membaca Al-Quran

Selasa, 22 Februari 2011

Al-Quran: Obat Panyakit Hate


TAFSIR Q.S. YUNUS : 57
Ditarjamahkeun ku:  Ust. A.R. Rasyid
{ يَا أَيُّهَا النَّاسُ قَدْ جَاءَتْكُمْ مَوْعِظَةٌ مِنْ رَبِّكُمْ وَشِفَاءٌ لِمَا فِي الصُّدُورِ وَهُدًى وَرَحْمَةٌ لِلْمُؤْمِنِينَ }
Tarjamahna: “Yeuh Manusa! Saestuna geus datang ka Aranjeun pitutur ti Pangeran Aranjeun jeung ubar pikeun pirang-pirang panyakit ( anu aya ) dina dada jeung pituduh sarta rohmat pikeun anu pada ariman “ (Q.S. Yunus: 57).
قال الله:( وَنُنزلُ مِنَ الْقُرْآنِ مَا هُوَ شِفَاءٌ وَرَحْمَةٌ لِلْمُؤْمِنِينَ وَلا يَزِيدُ الظَّالِمِينَ إِلا خَسَارًا )
Tarjamahna: “Jeung kami geus nurunkeun  Al-Quran anu jadi ubar jeung rohmat pikeun anu pada ariman jeung ari Al-Quran  teu nambahan ka jalma-jalma anu dolim anging karugian.” (Q.S. Al-Isro’:82)

يقول تعالى ذكره: وننزل عليك يا محمد من القرآن ما هو شفاء يستشفى به من الجهل من الضلالة، ويبصر به من العمى للمؤمنين ورحمة لهم دون الكافرين به، لأن المؤمنين يعملون بما فيه من فرائض الله، ويحلون حلاله، ويحرّمون حرامه فيدخلهم بذلك الجنة، ويُنجيهم من عذابه، فهو لهم رحمة ونعمة من الله، أنعم بها عليهم
Alloha Ta’ala dadawuh, Mantenna nguningakeun: Kami nurunkeun ka Andika, yeuh Muhamad! Tina Al-Quran anu ngajadikeun ubar, kusabab eta Al-Quran ngubaran kabodoan jeung kasasaran, baris nilik kusabab eta Al-Quran tina lolong pikeun mu’minin, jeung rohmat pikeun maranehannana, lain pikeun kafirin. Saestuna ari mu’minin baris nganyahokeun naon rupa anu aya dina jero Al-Quran  pirang-pirang kafardluan ti Alloh, ngahalalkan anu dihalalkeun ku Mantenna, ngaharamkeun anu diharamkeun ku Mantenna , antukna ngajajapkeun asup maranehannana ka Sowarga tur nyalametkeun maranehannana tina siksa Mantenna. Ari Al-Quran pikeun maranehannana rohmat jeung kani’matan ti Allah anu ditamplokkeun eta kani’matan teh ka maranehannana ( Tafsir Jami’u al-Bayan fi Ta’wil al-Quran, Al-Thabari, IV, 2000: 534 ).
إن محمداً صلى الله عليه وسلم كان كالطبيب الحاذق ، وهذا القرآن عبارة عن مجموع أدويته التي بتركيبها تعالج القلوب المريضة . ثم إن الطبيب إذا وصل إلى المريض فله معه مراتب أربعة :المرتبة الأولى : أن ينهاه عن تناول ما لا ينبغي ويأمره بالاحتراز عن تلك الأشياء التي بسببها وقع في ذلك المرض ، وهذا هو الموعظة فإنه لا معنى للوعظ إلا الزجر عن كل ما يبعد عن رضوان الله تعالى ، والمنع عن كل ما يشغل القلب بغير الله .
Saestuna ari Muhamad saw. lir dokter ahli, sedengkeun ari ieu Al-Quran ibarat kumpulan resep anu indikasina ngubaran pirang-pirang hate anu gering. Tuluy, saestuna ari hiji dokter  nalika nganepikeun ka anu gering, mangka pikeun manehna aya 4 hambalan anu nyartaannana: Hambalan kahiji, nyaram ka pasien tina nepina perkara anu teu pantes keur manehna, jeung marentahkeun ka eta pasien sangkan ngariksa tina pirang-pirang perkara anu jadi sabab tumibana panyakit ka manehna. Didieu pisan Al-Quran disebut maw’izhah ( pitutur ), karana teu aya hartina disebut maw’izhah kajaba ngahalangan tina saban-saban perkara anu matak ngajauhan karidloan Alloh  Ta’ala, tur ngahalangan tina saban-saban perkara anu nungkulkeun hate ka salian ti Alloh.
المرتبة الثانية : الشفاء وهو أن يسقيه أدوية تزيل عن باطنه تلك الأخلاط الفاسدة الموجبة للمرض ، فكذلك الأنبياء عليهم السلام إذا منعوا الخلق عن فعل المحظورات صارت ظواهرهم مطهرة عن فعل ما لا ينبغي فحينئذ يأمرونهم بطهارة الباطن وذلك بالمجاهدة في إزالة الأخلاق الذميمة وتحصيل الأخلاق الحميدة ، وأوائلها ما ذكره الله تعالى في قوله : { إِنَّ الله يَأْمُرُ بالعدل والإحسان وَإِيتَآء ذِى القربى وينهى عَنِ الفحشاء والمنكر والبغى } [ النحل : 90 ] وذلك لأنا ذكرنا أن العقائد الفاسدة والأخلاق الذميمة جارية مجرى الأمراض ، فإذا زالت فقد حصل الشفاء للقلب وصار جوهر الروح مطهراً عن جميع النقوش المانعة عن مطالعة عالم الملكوت .
Hambalan Kadua,( Al-Quran oge ) disebut asy-syifa’ , karana  ngalirkeun (diureutik) panyakit sangkan leungit tina batin, nya kitu deui kompleksitas panyakit kronis. Ari Para Nabi as. Nalika negah manusa tina laku-lampah anu diharamkeun sangkan jadi ebreh kasucian manusa tina perkara anu teu payus. Mangka dina hal ieu aranjeunna marentahkeun maranehannana sangkan susuci secara batin, jeung kitu deui marentahkeun soson-soson dina ngalebur akhlaq anu goreng patut sangkan ngahontal akhlaq anu pinuji.
والمرتبة الثالثة : حصول الهدى ، وهذه المرتبة لا يمكن حصولها إلا بعد المرتبة الثانية ، لأن جوهر الروح الناطقة قابل للجلايا القدسية والأضواء الإلهية وفيض الرحمة عام غير منقطع على ما قال عليه الصلاة والسلام : « إن لربكم في أيام دهركم نفحات ألا فتعرضوا لها » وأيضاً فالمنع إنما يكون إما للعجز أو للجهل أو للبخل
Hambalan katilu, ngaraih pituduh. Ari ieu hambalan moal kahontal kajaba sabada ngahontal hambalan kadua, karana ari elemen roh bacewek cacarita ngabenerkeun terang-terangan kasucian jeung cahaya Ilahiyah sarta ngamparkeun amparan rohmat secara umum, teu petot-petot dumasar kana dadawuh kanjeng Nabi saw.: “Saestuna keur Pangeran Aranjeun aya poe-poe mangsa keur  aranjeun dipaparin anugrah, poma Aranjeun ulah maralengos !” Mangka ari anu ngahalangan dugina anugrah Mantenna ayakalana karana lemah, bodo atawa bakhil …..
{ يأَيَّتُهَا النفس المطمئنة ارجعى إلى رَبّكِ } وأوسطها قوله تعالى : { فَفِرُّواْ إِلَى الله } [ الذاريات : 50 ] وآخرها قوله : { قُلِ الله ثُمَّ ذَرْهُمْ فِى خَوْضِهِمْ يَلْعَبُونَ } [ الأنعام : 91 ] ومجموعها قوله : { وَللَّهِ غَيْبُ السموات والارض وَإِلَيْهِ يُرْجَعُ الامر كُلُّهُ فاعبده وَتَوَكَّلْ عَلَيْهِ وَمَا رَبُّكَ بغافل عَمَّا تَعْمَلُونَ } [ هود : 123
{Yaeuh jiwa anu tengtrem, prak mulang ka Pangeran anjeun}[Q.S. Al-Fajr: 27-28], sedengkeun pertengahanna dadawuh Mantenna: {Mangka gentak baralik deui ( to’at) ka Alloh } [Q.S. Adz-Dzariyat: 50 ], sedengkeun akhirna dadawuh Mantenna: {Poh caritakeun ku Anjeun Muhamad! Ngan Alloh (Anu Nurunkeunnana), tuluy (sabada Anjeun geus nganepikeun Al-Quran  ka maranehannana ), antep maranehannana tungkul arulin dina kasasarannana”} (Q.S.: Al-An’am: 91), sedengkeun ngumpulna dadawuh Alloh Ta’ala {Jeung milik Alloh perkara anu goib nu aya di langit jeung nu aya di bumi, sareng ka Mantenna dibalikkeun urusan sakabehna, mangka prak ibadahan Mantenna, jeung prak tawekal ka Mantenna. Jeung sakali-kali pangeran Anjeun moal lali kana perkara anu dipigawe ku aranjeun} [ Q.S. Hud: 123].
وأما المرتبة الرابعة : فهي أن تصير النفس البالغة إلى هذه الدرجات الروحانية والمعارج الربانية بحيث تفيض أنوارها على أرواح الناقصين فيض النور من جوهر الشمس على أجرام هذا العالم ، وذلك هو المراد بقوله { وَرَحْمَةٌ لّلْمُؤْمِنِينَ } وإنما خص المؤمنين بهذا المعنى ، لأن أرواح المعاندين لا تستضيء بأنوار أرواح الأنبياء عليهم السلام ، لأن الجسم القابل للنور عن قرص الشمس هو الذي يكون وجهه مقابلاً لوجه الشمس ، فإن لم تحصل هذه المقابلة لم يقع ضوء الشمس عليه ، فكذلك كل روح لما لم تتوجه إلى خدمة أرواح الأنبياء المطهرين ، لم تنتفع بأنوارهم ، ولم يصل إليها آثار تلك الأرواح المطهرة المقدسة
Hambalan kaopat, ngajadikeun jiwa anu geus asak ka ieu darojat ruhiyah jeung tempat-tempat luhung mapaes sifat robaniyah sakirana bias pirang-pirang cahayana ka pirang-pirang roh  anu kurang kalimpudan cahaya mangrupa elemen leutik tina panonpoe anu ngaberresihkeun ieu alam dunya. Tah eta anu dimaksud dadawuh Alloh { وَرَحْمَةٌ لّلْمُؤْمِنِينَ }. Ngan bae dikhususkeun mu’minin ku ieu ma’na, karana ari roh-roh al mu’anidin ( jalma-jalma anu mantangul ) teu kacaangan ku prang-pirang cahaya roh para nabi as. …….. ( Tafsir Mafatihu al-Ghaibi, Ar-Razi, VIII, t.t. : 306 ).
مَوْعِظَةٌ مِنْ رَبِّكُمْ } أي: زاجر عن الفواحش، { وَشِفَاءٌ لِمَا فِي الصُّدُورِ } أي: من الشُبَه والشكوك، وهو إزالة ما فيها من رجس ودَنَس، { وَهُدًى وَرَحْمَةً } أي: محصلٌ لها الهداية والرحمة من الله تعالى.
Mawizhotum mirrobbikum, maksudna anu nyaram tina pirang-pirang laku anu goreng patut. Wasyifa’ul lima fish shudur,maksudna perkara anu samar jeung mang-mang, nyaeta ngalinndih perkara anu aya dina jero hate mangrupa kokotor jeung rereged. Wahudaw warohmatan, maksudna sangkan pinanggih hidayah jeung rohmat ti Alloh Ta’ala ( Tafsir Ibnu Katsir, IV, 1999: 274 ).

Tidak ada komentar: