BENING HATI LURUS AMALAN

Seutama-utamanya berdzikir membaca Al-Quran

Senin, 14 Februari 2011

Introspeksi Diri: Bisi Salah Tincak dina Kahirupan

MUHASABAH
( Pedaran Tafsir Q.S. Al-Hasyr: 18 )
$pkšr'¯»tƒ šúïÏ%©!$# (#qãZtB#uä (#qà)®?$# ©!$# öÝàZtFø9ur Ó§øÿtR $¨B ôMtB£s% 7tóÏ9 ( (#qà)¨?$#ur ©!$# 4 ¨bÎ) ©!$# 7ŽÎ7yz $yJÎ/ tbqè=yJ÷ès? ÇÊÑÈ
Tarjamahna: “Yeuh jalma-jalma anu pada ariman, prak aranjeun taqwa ka Alloh, jeung poma hiji jiwa merhatikeun naon anu geus dipigawe keur poe isuk ( akherat). Jeung prak taqwa aranjeun ka Alloh. Saestuna Alloh Maha waspaos kana perkara anu dipigawe ku aranjeun”.

عن المنذر ابن جرير، عن أبيه قال: كنا عند رسول الله صلى الله عليه وسلم في صدر النهار، قال: فجاءه قوم حُفَاة عُراة مُجْتَابي النمار -أو: العَبَاء-مُتَقَلِّدي السيوف عامتهم من مُضَر، بل كلهم من مضر، فتغير وجه رسول الله صلى الله عليه وسلم لما رأى بهم من الفاقة، قال: فدخل ثم خرج، فأمر بلالا فأذن وأقام الصلاة، فصلى ثم خطب، فقال: { يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ } إلى آخر الآية: { إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا } [النساء : 1]. وقرأ الآية التي في الحشر: { وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدٍ } تَصَدَّق رجل من ديناره، من درهمه، من ثوبه، من صاع بُرِّه، من صاع تمره -حتى قال-: ولو بشق تمرة". قال: فجاء رجل من الأنصار بصُرة كادت كفه تَعجز عنها، بل قد عجزت، ثم تتابع الناس حتى رأيت كومين من طعام وثياب، حتى رأيت رسول الله صلى الله عليه وسلم يتهلل وجهه كأنه مُذْهبة، فقال رسول الله صلى الله عليه وسلم: "مَن سَنَّ في الإسلام سنة حسنة، فله أجرها وأجر من عمل بها بعده، من غير أن يَنقُص من أجورهم شيء، ومن سَنَّ في الإسلام سنة سيئة، كان عليه وِزْرُها ووزر من عمل بها، من غير أن ينقص من أوزارهم شيء".
Katampi ngalangkungan Al-Mundzir Ibnu Jarir, ti ramana anjeunna sasanggem: Parantos buktos abdi sadaya di sagedengeun Rasululloh saw. dina wanci rebun-rebun. Ramana Jarir balaka: Nya nepangan ka mantenna hiji kaom anu pada nyaleker tur ngangge raksukan tina an-namar – atanapi mantel wol dina kaayaan nyaroren pedang kaumuman kaayaannana balangsak, malahan sadayana dina kaayaan balangsak. Dumadak robih pamenteu Rasululloh saw. nalika nilik kamiskinan aranjeunna. Ramana Jarir cacarios deui: Lajeng mantenna lebet ka bumina teras kaluar, nya marentahkeun Bilal adzan saren qomat mantenna sholat lajeng khutbah ngaweuhkeun ayat Alloh: يَا أَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوا رَبَّكُمُ الَّذِي خَلَقَكُمْ مِنْ نَفْسٍ وَاحِدَةٍ  dugi  akhir ayat: إِنَّ اللَّهَ كَانَ عَلَيْكُمْ رَقِيبًا
(Q.S. An-Nisa: 1) sareng mantenna maos ayat anu dina Serat Al-Hasyr:
وَلْتَنْظُرْ نَفْسٌ مَا قَدَّمَتْ لِغَدٍ (Q.S. Al-Hasyr: 18). Hiji pameget aya nu ngasodaqohkeun dinarna, dirhamna, raksukannana, sasho’ gandumna, sasho’ kormana – dugikeun ka ramana Jarir cacarios- hiji pameget sodaqoh sok sanajan ku sasiki korma. Anjeunna oge cacarios: Mangka dongkap hiji pameget Anshor katawis ampir-ampiran panangannana leuleuseun nyandakna , malihan leres-leres leuleusna. Teras jalmi-jalmi nuturkeun (barang pasihan) nepikeun abdi ninggal aya dua tumpukan katuangan sareng anggean, sahingga abdi ninggal Rasululloh saw. pameunteuna marahmay saolah-olah ical peraosan tunggarana. Nya Rasululloh saw. dadawuh: “Singsaha jalma anu nyieun jalan (cara) dina Islam hiji jalan kahadean mangka pikeun manehna ganjarannana jeung ganjaran jalma anu ngamalkeun eta saba’da manehna, tanpa ngurangan saeutik oge ganjaran maranehannana. Jeung singsaha jalma anu nyieun jalan ( cara ) dina Islam hiji jalan kagorengan, geus bukti keur manehna balukar dosana jeung balukar dosa jalma anu ngamalkeun eta tanpa ngurangan saeutik oge dosa maranehannana” (Parios Musnad Imam Ahmad, I : 358 atanapi Shoheh Muslim Hadits No. 1017). (Ibnu Katsir, VIII, 1999: 77).
قوله تعالى : { ولتنظر نفس ما قدمت لغد } أي : لينظر أحدكم أيّ شيء قَدَّم؟ أعملاً صالحاً يُنجيه؟ أم سيئاً يُوبِقُه؟
1

Dadawuh Mantenna:”Waltangzhur nafsum ma qoddamat lighod”, “jeung poma hiji jiwa merhatikeun naon anu geus dipigawe keur poe isuk ( akherat)”, tafsirna: saurang diantara aranjeun poma merhatikeun naon perkara anu geus disayagikeun? Naha amalan sholeh anu nyalametkeunnana? Atawa amalan goreng anu baris nyilakakeunnana? (Ibnul Jauzi, Tafsir zadul Masir, VI, t.t. : 13).
كرر الأمر بالتقوى تأكيداً : واتقوا الله في أداء الواجبات؛ لأنه قرن بما هو عمل ، واتقوا الله في ترك المعاصي لأنه قرن بما يجري مجرى الوعيد . والغد : يوم القيامة ، سماه باليوم الذي يلي يومك تقريباً له وعن الحسن : لم يزل يقربه حتى جعله كالغد. وقيل : عبر عن الآخرة بالغد كأن الدنيا والآخرة نهاران : يوم وغد
Mantenna mindokeun  parentah taqwa ( dina ieu ayat ) sabage panganteb: Prak aranjeun taqwa ka Alloh dina ngalaksanakeun pirang-pirang kawajiban; karna ari taqwa dibarung ku pengamalan, jeung prak aranjeun taqwa ka Alloh dina nyingkahan padosaan; karna ari taqwa dibarung ku ngajauhan laku-lampah anu diancam. Al-Ghod (poe isuk): maksudna poe kiamat. Mantenna nganamian poe kiamat ku poe anu baris katuturkeun  ku poe anjeun karna eta poe kacida deukeutna mungguhing Mantenna. Katampi ngalangkungan Al-Hasan: Senantiasa mantenna nyaketkeun eta dinten sahingga netepkeun eta dinten lir ibarat poe isuk. Ceuk saqaol: Diungkepkeun akherat ku kecap isuk saolah-olah ari dunya jeung akherat eta dua poe: poe ieu jeung isuk ( Az-Zamakhsyari, Tafsir Al-Kasyaf, VII, t.t. : 32 ).
ومحاسبة النفس نوعان: نوع قبل العمل ونوع بعد العمل. فأما النوع الأول: فهو أن يقف عند أول همِّه, ولا يبادر بالعمل حتى يتبين له رجحانه على تركه.
Ari ngitung-ngitung anu dipilampah ku diri aya 2 rupa: 1) sateuacan milampah, 2) saba’da milampah. Anapon anu kahiji: nyandet lalampahan nalika mungaran mikahayangna, hanteu gentak milampah sahingga pertela keur manehna anu leuwih kuat diecagkeunnana.
النوع الثاني: محاسبة النفس بعد العمل, وهو ثلاثة أنواع: أحدها: محاسبتها على طاعة قصَّرت فيها من حق الله تعالى, فلم توقعها على الوجه الذي ينبغي. الثاني: أن يحاسب نفسه على كل عمل كان تركه خيرا له من فعله. الثالث: أن يحاسب نفسه على أمر مباح, أو معتاد: لِما فعله؟ وهل أراد به الله والدار الأخرة؟ فيكون رابحا, أو أراد به الدنيا وعاجلها , فيخسر ذلك الربح ويفوته الظفر به.
Anu kadua: ngitung-ngitung anu dipilampah ku diri sabada amalan, hal ieu aya tilu rupa: 1) ngitung diri kana kato’atan ka Alloh dina hal moporekeun tina hak Alloh Ta’ala, teu sapagodos  ngalaksanakeun kato’atan dumasar kana cara anu dituntut. 2) ngitung-ngitung diri kana saban-saban amalan anu bukti ninggalkeunnana leuwih hade tinimang milampahna. 3) ngitung-ngitung diri dina urusan mubah atawa anu biasa dipilampah: karna naon milampahna? Naha eta aya maksad karna Alloh jeung karna nagri akherat? Mun tea mah karna nyuprih kauntungan, atawa miharep ku eta balesan dunya jeung gentak ditamplokkeun balesannana,  mangka eta kauntungan anu rugi jeung luput ngaraihna ku eta! ( Ibnul Qoyyim, Ighotsatul Luhfan, hlm. 74 – 75 ).
šÎn/uuqsù óOßg¨Yn=t«ó¡oYs9 tûüÏèuHødr& ÇÒËÈ $¬Hxå (#qçR%x. tbqè=yJ÷ètƒ ÇÒÌÈ
“ Mangka demi pangeran anjeun, kami pasti baris naya aranjeun sakabehna. Ngeunaan perkara anu geus dipigawe ku aranjeun” ( Q.S. Al-Hijr: 92 – 93 ).

£`n=t«ó¡oYn=sù šúïÏ%©!$# Ÿ@Åöé& óOÎgøs9Î)  Æn=t«ó¡oYs9ur tûüÎ=yößJø9$# ÇÏÈ £`¢Áà)uZn=sù NÍköŽn=tã 5Où=ÏèÎ/ ( $tBur $¨Zä. šúüÎ7ͬ!$xî ÇÐÈ
“Mangka saestuna kami baris nanya umat-umat anu geus diutus rosul ka maranehannana, jeung saestuna kami baris nanya ( oge )  rosul-rosul kami. Mangka saestuna baris kami bejakeun ka maranehannana ( perkara anu geus dipigawe ku maranehannana), sedengkeun ( kami ) nganyahokeun  ( kaayaan maranehannana ), jeung kami sakali-kali teu jauh ( ti maranehannana) ( Q.S. Al-A’raf: 6 – 7 ).
2



Tidak ada komentar: