BENING HATI LURUS AMALAN

Seutama-utamanya berdzikir membaca Al-Quran

Sabtu, 12 Februari 2011

HAKEKAT DUDULURAN MUNGGUHING ISLAM

TAFSIR Q.S. AT-TAUBAH: 23 - 24
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آَمَنُوا لَا تَتَّخِذُوا آَبَاءَكُمْ وَإِخْوَانَكُمْ أَوْلِيَاءَ إِنِ اسْتَحَبُّوا الْكُفْرَ عَلَى الْإِيمَانِ وَمَنْ يَتَوَلَّهُمْ مِنْكُمْ فَأُولَئِكَ هُمُ الظَّالِمُونَ (23) قُلْ إِنْ كَانَ آَبَاؤُكُمْ وَأَبْنَاؤُكُمْ وَإِخْوَانُكُمْ وَأَزْوَاجُكُمْ وَعَشِيرَتُكُمْ وَأَمْوَالٌ اقْتَرَفْتُمُوهَا وَتِجَارَةٌ تَخْشَوْنَ كَسَادَهَا وَمَسَاكِنُ تَرْضَوْنَهَا أَحَبَّ إِلَيْكُمْ مِنَ اللَّهِ وَرَسُولِهِ وَجِهَادٍ فِي سَبِيلِهِ فَتَرَبَّصُوا حَتَّى يَأْتِيَ اللَّهُ بِأَمْرِهِ وَاللَّهُ لَا يَهْدِي الْقَوْمَ الْفَاسِقِينَ (24)

Tarjamahna: “Yeuh jalma-jalma anu ariman! Poma aranjeun ulah ngajadikeun bapa-bapa jeung dulur-dulur aranjeun sabage sobat medok, mun maranehna leuwih ngutamakeun kakafiran batan kaimanan jeung singsaha jalma diantara aranjeun anu ngajadikeun maranehna sabage sobat medok, mangka tuh ari maranehannana anu pada aniaya. Pok bejakeun ku anjeun: “Mun tea bapa-bapa, anak-anak,dulur-dulur, pamajikan-pamajikan, kaum kulawarga, harta banda anu geus diusahakeun ku aranjeun, perniagaan anu aranjeun melang karugiannana, jeung panganjrekan anu ku aranjeun dipikaresep, leuwih dipikacinta tinimbang Alloh jeung RasulNa jeung jihad di jalanNa, mangka tungguan nepi ka Alloh ngadatangkeun kaputusanNa:. Jeung ari Alloh moal mere pituduh ka kaum anu faseq.”
Sabab Turun Ayat
أحدها : أنه لما أُمر المسلمون بالهجرة ، جعل الرجل يقول لأهله : إنا قد أُمرنا بالهجرة ، فمنهم من يسرع إلى ذلك ، ومنهم من يتعلق به عياله وزوجته ، فيقولون : نَنْشُدك الله أن تدعنا إلى غير شيء ، فيرقُّ قلبه ، فيجلس معهم ، فنزلت هذه الآية ، قاله أبو صالح عن ابن عباس .
والثاني : أنه لما أمر الله المؤمنين بالهجرة ، قال المسلمون : يا نبي الله ، إن نحن اعتزلنا مَنْ خالفنا في الدين ، قطعنا آباءنا وعشائرنا ، وذهبت تجارتنا ، وخربت ديارنا ، فنزلت هذه الآية ، قاله الضحاك عن ابن عباس .
والثالث : أنه لما قال العباس : أنا أسقي الحاج ، وقال طلحة : أنا أحجب الكعبة فلا نهاجر ، نزلت هذه الآية والتي قبلها ، هذا قول قتادة ، وقد ذكرناه عن مجاهد .
والرابع : أن نفراً ارتدوا عن الإسلام ولحقوا بمكة ، فنهى الله عن ولايتهم ، وأنزل هذه الآية ، قاله مقاتل .
والخامس : أن النبي صلى الله عليه وسلم لما أمر الناس بالجهاز لنصرة خزاعة على قريش ، قال أبو بكر الصديق : يا رسول الله ، نعاونهم على قومنا؟ فنزلت هذه الآية ، ذكره أبو سليمان الدمشقي .
Kahiji: wangkid Kaom Muslimin diparentah sangkan hijrah, hiji lalaki gentak cacarita ka kulawargana, “Saestuna urang temen geus diparentahkeun sangkan hijrah!” Mangka diantara maranehna aya anu gagancangan ngalaksanakeun eta parentah, jeung diantara maranehna aya anu ngagantung hatena ka kulawargana jeung ka pamajikannana. Nya maranehna cacarita, “Alloh baris ngajejeleh anjeun karna anjeun ninggalkeun kami kana lian hiji perkara!” mangka hatena jadi karunyaeun antukna cinekul diuk maturan maranehna. Nya turun ieu ayat. Kitu sasanggem Abu Sholih anu nampi ngalangkungan Ibnu Abas.
Kadua: Saestuna nalika Alloh marentahkeun mu’minin sangkan hijrah, kaom muslimin cacarita, “Ya Nabiyalloh, saestuna abdi sadaya baris misahkeun diri ti jalma anu nyulayaan abdi sadaya dina urusan agama. Abdi sadaya baris maragatkeun hubungan jeung bapa-bapa abdi sadaya, kulawarga abdi sadaya, baris sirna perniagaan abdi sadaya, baris ancur rorompok-rorompok abdi sadaya. Mangka turun ieu ayat. Kitu sasanggem Dlahak anu nampi ngalangkungan Ibnu Abas.
Katilu: Nalika Al-Abas cacarita, “Kami anu mere nginum anu haji!” Tholhah cacarita, “Kami anu nutupan Ka’bah, mangka kami moal hijrah!” Nya turun ieu ayat jeung ayat saencanna. Ieu ngarupakeun pemendak Qotadah anu nerangkeun kaurang sadaya ti Mujahid.
Kaopat: Yen sagolongan geus murtad tina Islam tur maranehna mulang deui ka Mekah. Nya Alloh negah pikeun ngajalin sosobatan jeung maranehna sareng mantenna ngalungsurkeun ieu ayat. Kitu pamendak Muqotil.
Kalima: Saestuna Kanjeng Nabi saw. nalika marentahkeun manusa  sangkan nyadiakeun perlengkapan   karna nulungan anu katinggaleun ka Kaom Quraisy, Abu Bakar Ash-Shiddiq cacarios, “ Ya Rasulalloh, Naha kenging urang sadaya tulung-tinulung ka kaom urang?” Nya lungsur ieu ayat. Kitu penerangan Abu Sulaiman Ad-Dimasyqi ( Ibnul Jauzi, Tafsir Zadul Masir, III, t.t. : 160 ).
Dadaran Ayat
الخطاب للمؤمنين كافة ، وهو حكم باق إلى يوم القيامة يدل على قطع الولاية بين المؤمنين والكافرين ،
Arah caritaan dina ieu ayat keur mu’minin sakabehna, ngarupakeun hukum anu permanen nepi ka poenan kiyamat nuduhkeun kana paragatna sosobatan antara mu’minin jeung kafirin ( Asy-Syaukani, Tafsir Fathul Qodir, III, t.t. : 234 ).
نهى الله تعالى في هذه الآية الكريمة عن موالاة الكفار ، ولو كانوا قرباء ، وصرح في موضع آخر : بأن الاتصاف بوصف الإيمان مانع من موادة الكفار ولو كانوا قرباء ، وهو قوله : { لاَّ تَجِدُ قَوْماً يُؤْمِنُونَ بالله واليوم الآخر يُوَآدُّونَ مَنْ حَآدَّ الله وَرَسُولَهُ وَلَوْ كانوا آبَآءَهُمْ أَوْ أَبْنَآءَهُمْ أَوْ إِخْوَانَهُمْ أَوْ عَشِيرَتَهُم } [ المجادلة : 22 ] الآية .
Alloh Ta’ala parantos negah dina ieu ayat anu mulya ngajalin sosobatan jeung kaom kafir, sok sanajen maranehna kaom karabat, sareng Mantenna ngabejer-beaskeun dina tempat anu sanes: yen anu disiftan ku sifat kaimanan mah kahalangan tina silih-pikaheman jeung kaom kafir sok sanajan maranehna bukti kaom karabat, dadawuh Mantena, “Anjeun moal manggihan kaom anu iman ka Alloh jeung kana poe akherat, silih pikaheman jeung jalma-jalma anu mungpang ka Alloh jeung ka RasulNa, sok sanajan eta jalma-jalma teh bapa-bapa, atawa anak-anak, atawa dulur-dulur, atawa kulawarga maranehna . . .” ( Q.S. Al-Mujadilah: 22 ) ( At-Tirmidzi, Tafsir Mukhtashor Asy-Syama’il Al-Muhamadiyah, II, t.t. : 207 ).

قال القرطبى : وخص - سبحانه - الآباء والإِخوة إذ لا قرابة أقرب منها . فنفى الموالاة بينهم ليبين أن القرب قرب الأديان لا قرب الأبدان .
Al-Qurthubi sasanggem, “Alloh SWT ngakhususkeun dina ieu ayat bapa-bapa jeung dulur-dulur, lantaran teu aya deui kakarabatan anu leuwih deuheus batan ieu. Ngaapilain kasatiaan diantara maranehannana pikeun mertelakeun yen ari hakekat duduluran eta dulur saagama lain dulur pedah patuturun hulu.
ولم يذكر الآبناء فى هذه الآية ، إذ الأغلب من البشر أن الأبناء هم التبع للآباء . والإِحسان والهبة مستثناه من الولاية . " قالت أسماء : يا رسول الله إن أمى قدمت على راغبة وهى مشركة أفأصلها؟ قال نعم . " صلى أمك " " .
Teu disebutkeun dina ieu ayat anak, lantaran golibna manusa ari anak mah eta baris nuturkeun anu jadi bapana. Ari nyieun kahadean  jeung mere maweh dikajabakeun tina wangun mere kasatiaan. Asma’ parantos cacarios, “Ya Rasulalloh, sim kuring saestuna ngahaturan anu dipikaresep ku pun biang, sedengkeun salirana dina kaayaan musyrik. Naha teu sawios-wios kanggo silaturahim ka anjeunna?” Kanjeng Nabi saw. dadawuh, “Nya teu nanaon, prak anjeun silaturahim ka indung Anjeun!” ( Sayyid Thanthawi, At-Tafsir Al- Wasith, I, t.t. : 1911 ).
{ ومَنْ يتَولَّهم منْكُم فأولئكَ هُم الظَّالمونَ } وضع التولى فى غير موضعه ، قال رسول الله صلى الله عليه وسلم : « لا يطعم أحدكم طعم الإيمان حتى يحب فى الله ، ويبغض فى الله ، حتى يحب فى الله أبعد الناس عنه ، ويبغض فى الله أقرب الناس إليه » .
{jeung singsaha jalma diantara aranjeun anu ngajadikeun maranehna sabage sobat medok, , mangka tuh ari maranehannana anu pada aniaya.} , zholim dina ayat ieu maksudna nempatkeun kasatiaan lain dina tempatna. Rassululloh saw. parantos dadawuh, “Saurang diantara aranjeun poma teu meunang ngadahar kadaharan ( jalma ) iman sahingga manehna mikacinta karna agama Alloh jeung ceuceub karna agama Alloh, sahingga mikacinta karna agama Alloh ngajauhan manusa karnana, jeung mikaceuceub karna agama Alloh sahingga ngadeukeutan manusa karnana.” ( Haiman Az-Zadi, Tafsir Ibadli, V, t.t. : 459 ).
من هداية الآيات :1- حرم اتخاذ الكافرين أولياء يُوادون ولو كانوا من أقرب الأقرباء كالأب والابن والأخ .2- من الظلم الفظيع موالاة من عادى الله ورسوله والمؤمنين .3- فرضية محبة الله ورسوله والجهاد في سبيله ، ومحبة سائر محاب الله تعالى وكره سائر مكاره الله تعالى من العقائد والأحوال والأعمال الذوات والصفات .4- حرمان أهل الفسق المتوغلين فيه من هداية الله تعالى إلى ما يكملهم ويسعدهم .
Pituduh dina ieu ayat: 1-Haram ngajadikeun kaom kafir sabage sobat medok dina kaayaan silih pikaheman sok sanajan maranehna teh pangdeukeut-deukeutna karabat saperti bapa, anak jeung dulur. 2- diantara kazholiman anu nurus tunjung sosobatan jeung jalma anu mungpang ka Alloh jeung ka RasulNa jeung ka mu’minin. 3- nguningakeun kafardluan cinta ka Alloh, ka RasulNa, jeung jihad di jalanNa, jeung mikacinta ka sakabeh anu dipikacinta ku Alloh Ta’ala jeung teu mikaresep kana sakabeh anu teu dipikaresep ku Alloh Ta’ala dina wangun kayakinan, laku-lampah, dzat jeung sifat. 4- Haram pikeun golongan faseq nyerepkeun kana dirina hidayah Alloh Ta’ala anu nyampurnakeun jeung kabagjakeun maranehannana ( Abu Bakar Al-Jaza’iri, Tafsir Aysar Al-Tafasir, II, t.t. : 68 ).
Aweuhan ti Majlis Pangajian Masjid At-Taqwa Cicapar Leles - Kab. Garur

Tidak ada komentar: